Tuesday, October 16, 2018

fruit from Sundanese Indonesia



" Daun JAMBLANG / DUWET / syzygium cumini "
Assalamualaikum w.w..Sampurasun
Tangkal jamblang biasana hirup subur didaerah Sunda anu hawa na panas.misalna fi daerah basisir laut.
Tangkalna tiasa dugi ka 15 M.buahna mimiti nuju pentil warnana Hejo,terus bereum pas asak warnana Hideung kaungu unguan.
Rasa buah jamblang haseum rada Keuseud.
Sim kuring emut nuju baheula jaman sakola SD,sok aya tukang buah jamblang ditanggung
Nganggo peti kaca sabeulah,mun aya nu meser buah jamblangna dipincuk ku kertas koran sareng digula bodasan.
Rasana amis amis haseum keuseud,buruhna ramo jeung biwur warnana arungu.
Buah jamblang seeur hirup didaerah Indramayu,cirebon,MajalengkaKarawang,banten, jeung basisir Pantura di daerah Sunda.
Salian buahna anu dituang,Daun Jamblang tiasa dianggo landong Herbal.
Ieu aya sababaraha panyawat anu tiasa dilandongan kujalaran Daun Jamblang :
1.Kencing Manis carana :
Cuci bersih 7 lembar daun jamblang anu seger,
Cai na 2 gelas,sesakeun sagelas,konsumsi rutin sapoe sagelas.
2.Asma / Batuk kronis carana :
Pucuk daun jamblang 3 lembar tinyuh ku cai ngagolak kanu gelas,tutup.
Tos rada tiis minum sapoe tiasa dua kali.
3.Diare carana :
Pucuk daun Jamblang 4 lembar,bebeuk + cai asak saparapat gelas + uyah sakedik.
Peres.minum sapoe tiasa dugi ka 3 x.
Kanggo murangkalih anu Diare.dosis na tiasa 2 sendok sakali minum.
4.Maag / Kembung / Kram perut carana :
Minum godogan pucuk daun jamblang 5 lembar,cai na 2 gelas,sesakeun sagelas.
Minum isuk jeung peuting.
5.Limpa bengkak / limpa bermasalah carana :
Minum rutin tinyuhan 2 lembar daun jamblang.
Kanu gelas.tinyuh ku cai ngagolak.tos tiis + madu sasendok.minum sapoe sakali.
6.Sariawan carana :
Bebeuk / kunyah daun Jamblang salembar.
Seseup caina.
Mugia Mangpaat.

No comments:

Post a Comment